Kampak Tukang Kai
Monday, August 21st, 2006Aya tukang ngala kai di leuweung nu
kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan
dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka
walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan
ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey…kunaon maneh ceurik?"
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan,
padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung
teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku
emas, "Ieu kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi
lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak,
terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali
deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina
beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak
sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka
imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan.
Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan.
Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku
Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan
dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari,
terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta
pamajikan abdi teh!"
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad
teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta
sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro,
upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti
teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta
pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi.
Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan
satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos
Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"